Rabu, 13 Januari 2010

hapunten (haturan ema sareng bapa)

geuning kieu jalan nu kasorang
Anggerr tarahal
padahal hayang nggantian
kacape anjeun salila ieu
geus meujeuhna reureuh
ngecagkeun beungbeurat nedunan sagala kahayang kuring
ngajul bentang sulintang,nganter impian nu ngagedur
marengan hate ngora nu ngbebela
Ayeuna kuring nampak tina sawatara kesang, kapeurih jeung cimata Do'a
tapi diri can walakaya, najan hate sagede dunya
didieu kuring angger miharep
anjeun tetep marengan langkah

tepi ka mumunggang harepan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar