Rabu, 13 Januari 2010

Rajet

waktu anu ngarangrangan
di tewak
dijadikeun angin
keur ngapungkeun sugan
kasuklak awan

poe demi poe di besut
di panteng di antara tangkal-tangkal pamadegan,
dijieun gelasan
adukeuneun
panangtang jaman.

pung ngapung mangka ngapung
batan awor tarik ulur
kajeuun teuing kapakan
(ceuk gerentes ngucap kagemes )

langlayangan ngoleang kadungsang-dungsang,
eunteup dina pucuk ringrang
diparebutkeun barudak nu mawa gantar:
ngarucu hareupan

ngarah adil dina katunaan
urang jejeewet nepi ka rajet


 Ganjar Kurnia




Tidak ada komentar:

Posting Komentar