Minggu, 02 Mei 2010

kacca band

hilang


Download

cinta yang pergi

download

tak kan berbagi

download



Rabu, 24 Februari 2010

Alhamdulillah ahirna PKL simkuring  parantos rengse aynamahan kantun happy dingna nya................
kabogoh menang nu anyar ayeunamah................ 



Rabu, 13 Januari 2010

hapunten (haturan ema sareng bapa)

geuning kieu jalan nu kasorang
Anggerr tarahal
padahal hayang nggantian
kacape anjeun salila ieu
geus meujeuhna reureuh
ngecagkeun beungbeurat nedunan sagala kahayang kuring
ngajul bentang sulintang,nganter impian nu ngagedur
marengan hate ngora nu ngbebela
Ayeuna kuring nampak tina sawatara kesang, kapeurih jeung cimata Do'a
tapi diri can walakaya, najan hate sagede dunya
didieu kuring angger miharep
anjeun tetep marengan langkah

tepi ka mumunggang harepan

Rajet

waktu anu ngarangrangan
di tewak
dijadikeun angin
keur ngapungkeun sugan
kasuklak awan

poe demi poe di besut
di panteng di antara tangkal-tangkal pamadegan,
dijieun gelasan
adukeuneun
panangtang jaman.

pung ngapung mangka ngapung
batan awor tarik ulur
kajeuun teuing kapakan
(ceuk gerentes ngucap kagemes )

langlayangan ngoleang kadungsang-dungsang,
eunteup dina pucuk ringrang
diparebutkeun barudak nu mawa gantar:
ngarucu hareupan

ngarah adil dina katunaan
urang jejeewet nepi ka rajet


 Ganjar Kurnia